Pages

Tuesday, March 8, 2011

PKBS - Jembatan Merah Merdeka

Jembatan Merah Merdeka

Ku mang Ii

Inget terakhir kuring ka Bogor, dua taunan katukang. Indit ti Bandung kira kira jam salapan peuting, naek beus di terminal Leuwi Panjang, ceuk calo mah ieu teh beus terakhir anu langsung ka Bogor.

Geus kudu kitu meureun dongengna, kabagean beus kelas ekonomi anu butut, sapanjang jalan loba ngetem, majuna oge lalaunan pisan, panumpangna direretan teh rereana jalu, euweuh pikaresepeun lamun kudu nuluykeun carita dijero beusna mah. Perjalanan ka Bogor keur kuring mah nostalgiaan, sapanjang jalan panon teu bisa reup sare, panasaran hayang ulak ilik kaluar tinu kaca beus.

Nepi ka Puncak beus mogok, eremna bermasalah cenah, ka jero ruangan beus kaambeu hangit. Kuring jeung panumpang sejena kalaluar, harita wanci nunjukeun jam dua belasan peuting. Rada lila oge nungguan eta beus di uma ome heula ku kenek jeung supirna nepi ka benerna.

Singketna nepi oge ka Jembatan Merah Merdeka Bogor (teu disundakeun jadi Jambatan beureum) wanci janari. Teu loba robah kaayanana ti saprak sapuluh taunan katukang harita mimiti kuring nincak Jembatan Merah. Teu anggang ti jembatan, gedung gedung heubeul masih aya, anu sok jadi perhatian kuring mah gedung tingkat anu bentukna mirip beus tingkat, lamun teu salah toko elektronik Irama Nusantara ngarana.

Tibaheula nepi ka ayeuna keur kuring jembatan Merah Merdeka jadi patokan janjian. Arek ka kampus Darmaga ereun heula didieu, arek ka Jakarta ti Darmaga oge kitu sabalikna. Papagah anu masih inget ti samemeh kuring nincak Jembatan Merah Darmaga nyaeta “kudu ati ati cenah lamun leumpang didieu, loba copetna”

Sakitu heula ..

,___