Pages

Saturday, February 7, 2009

Gunung Tampomas saat caina

Anu ngala keusik teu merhatikeun analisis dampak kanu lingkungan anu jadi salah sahiji sabab utamana cai nyusu di wilayang sabudereun wilayang di Gunung Tampomas Kab Sumedang saat caina. Salian ti eta oge nyebabkeun hawa anu panas kacida dinu usum halodo, loba sasatoan anu mungkin ngurangan lantaran paraeh.
Salah sahiji lagu anu kalimatna "cimalaka jadi pamandian" anu dibawakeun Kang Doel teh bisa jadi kahareupna mah ngan ukur carita wungkul. Sabab tanda-tanda na ayeuna geus katingali pisan. Sawah hektaran loba anu gamblung, balong loba anu caina saraat, patani ngan saukur bisa nyawah sataun sakali ngandeulkeun usum hujan.
Pamarentah kota Sumedang boga tanggung jawab gede pisan lantaran geus ngalegalkeun jeung mere ijin kanu ngarala keusik. Lantaran hayang ningkatkeun PAD tapi kudu ngarusak lingkungan mah ke heula anan, salah gede. Pamarentah geus salah nyieun pilihan, kudunamah sabudereun gunung tampomas anu cur cor cai teh dijadikeun lahan usaha dinu widang lauk/perikanan, pertanian, wisata cai saperti tempat ngojay, jeung sajabana deui, pokona anu aya hubunganana jeung ngalestarikeun lingkungan.
Ayeuna mah teu kabayang, kahareupna kota Sumedang bakal naggung karugian anu kacida. Jadi teu satimpal jeung tinu hasil ngagali keusik. Kudu boga modal sabaraha keur ngarehabilitasi karusakanana, jeung can tangtu bisa malikeun deui cai nyusu bisa ngocor. Contohna cai nyusu ciburial, atawa cai nyusu cipanteneun anu geus ngaleutikan jeung cai nyusu cai nyusu laina oge.
Sangkan cai nyusu ngalocor deui, lauk si rawing1 anu mawa mitos jeung ngalegenda bijil deui, pamarentah kudu ngaeureunan mere ijin atawa nyaram kanu ngarala keusik. Salian tieta urut galian anu raruksak teh kudu bari dipelakan tatangkalan. Ngalihkeun kabiasaan warga anu geus katalanjur jadi tukang ngala keusik ka pagawean samemehna deui peternak atawa patani kujalan pamarentah mere dukungan satekah polah, modal jeung sajabana.

1. si rawing dicaritakeun nyaeta laukna kanjeng Pangeran anu nuju dituang tapi teu dilajegkeun teras dialungkeun deui ka cai sina jadi bibit ngarasuh lauk sejena. mitos tapi ceunah loba anu ningali keur jamanna cai nyusu cur cor. nn

Bima Bima
Anu rindu ka sawah jeung balong gede caina,
manuk pacikrak disarada unggal isuk
lauk emas kumpay bibit ngarajleng keur mijah

Bandung, 8 Februari 2009

No comments:

Post a Comment