Pages

Monday, May 25, 2009

Pangalaman Kabayan di Betawi

Ngiring neraskeun ah..samemeh kabayan geubis ka sumur:
Saatos beres ti WC kang kabayan neraskeun perjalanan. Nuju mapay-mapay trotoar Kabayan haus, biasa pan seperti yang kita tau Jakarta memang hareudang (panas) kurang iiuhan (penghijauan) . Ngareret ka palih kenca aya tukang duwegan sareng aqua teh botol ngarendeng. Teras we kabayan mengkol heula, saatos hareupeun tukang dagang kabayan gegerentes sorangan" meuli naon nya?,duwegan atawa cai koneng anu diwadahan gelas plastik ".., kabayan rada mikir da bisi hargana mahal. Teu lami akhirna kabayan mutuskeun meser duwegan. Suruput2 duwegan disedotan. Saatos beres kabayan bade mayar, "mang atos, sabaraha yeuh?" "delapan ribu saja" kabayan ngajenghok, naha mahal mahal teuing harga duwegan pikirna . "ari cai koneng anu digelasan sabarahaan mang" "seribu saja", jawab tukang dagangnya, kabayan tambah ngajenghok. Bari ngaluarkeun artos anu diselapkeun dinu kopeah kabayan gegerentes kieu " apal kitu mah tadi meuli cai koneng digelasan pan hayang ngasaan, ari sugan teh duwegan hargana murah, pepeuriheun dilembur loba anu teu kaala malah beak kubajing.

Tidieu kabayan jadi mikir bade muka UKM keur pamuda dilemburna anu basisnya ngamanfaatkeun kalapa..

Bandung, 22 Mei 2009

No comments:

Post a Comment